seungit angin priangan, ngusapan embun-embunan
hawar-hawar rerendahan ngahariring ayun ambing
seungit angin kayangan, sumerep na lelembutan
hawar-hawar rerendahan ngahariring éling-éling mangka éling
waas éta tembang
kamari katineungkeun kénéh
dihariringkeun disisi huma, mumunggang Cikuray lebah handap
dipirig haliwir angin, digupay dangdaunan
dialokan ricit piit
dina mangsana patani ngaguar leuweung pihumaeun
ngagecruk pacul mapag taneuh pisawaheun
waas éta tembang
kamari masih keneh digalindengkeun
guguritan panineungan, macapat ngarawat waasna
kedal uga malikkeun kanyaah ka lembur pamatuhan
lembur tempat kuring digubragkeun ka alam dunya
lembur tempat kuring digedekeun di pangulinan
lembur tempat kuring tatapa nyiar pangarti
maguran di padepokan jati Sunda
waas éta tembang
harita dihaleuangkeun
dipiring jentreng kacapi, jeung gelikna suling
mapag usum ngijih, rek tebar binih
dangdaunan nu maruragan kokoleangan
nambah sarina kanyaah ka mangsa lawas
mangsana panceg jungkiringnya Pajajaran
mangsana seungit nyambuangna Siliwangi
kakoncara ka sakabeh Nusantara
guar gagahna pamolahna ki Sunda harita
dina Palagan Bubat
ciri siloka urang Sunda nu digjaya
najan nepi kamana, ka waktu iraha
moal leungit
moal musnah
asal aya nu mikanyaah
waas éta tembang
ayeuna tinggal panineungan
geus leungit silokana
tinggal waasna wungkul
catetan nu aya tinggal jungkiringna
kasilih ku rohakana caah robahna zaman
runggunuk huma geus teu mangrupa
ledokna pasawahan geus luntur warnana
seungit tatangkalan geus murag sarina
kasilih … kaganti
lalaunan … najan samar-samar
leungit … kasapu haliwir angin globalisasi
najan kitu
kumaha urang
nyaah atawa tega
miara atawa palastra
jati Sunda
jati urang sarerea
garut, 6 mei 1999

Tidak ada komentar:
Posting Komentar